:

1 Raja-raja 17

1

Aya hiji nabi jenenganana Elias, urang Tisbe wewengkon Gilad. Dina hiji poe anjeunna marek ka Raja Ahab sarta misaur kieu, "Demi pajenengan PANGERAN Allah Israil anu jumeneng, anu dipigusti ku kaula, kaula mopoyankeun ka raja, yen di jero dua tilu taun ieu di dieu moal turun ibun moal turun hujan, nepi ka engke upama geus aya ucap kaula deui."

2

Sanggeusing kitu PANGERAN nimbalan ka Elias,

3

"Ieu tempat tinggalkeun. Maneh kudu ka wetan, tuluy kudu nyumput di sisi Susukan Kerit peuntaseun Walungan Yordan beulah wetan.

4

Maneh bisa nginum ti eta susukan, sarta Kami rek nitah manuk gagak mawakeun dahareun maneh."

5

Elias tumut kana timbalan PANGERAN, seug angkat ka Susukan Kerit sarta terus nyumput di dinya.

6

Ari ngaleueutna ti eta susukan, tuangna roti jeung daging, isuk sore saban poe dianteuran ku manuk gagak.

7

Lila ti lila eta susukan teh saat ku banget-bangetna halodo.

8

Geus kitu PANGERAN nimbalan ka Elias,

9

"Maneh kudu pindah ka kota Sarpat deukeut Sidon. Di ditu aya hiji randa, anu ku Kami geus ditimbalan supaya mere dahar ka maneh."

10

Bral Elias angkat ka Sarpat. Gancangna geus sumping ka lawang kota, beh anjeunna ningali aya randa eukeur ngarorotek suluh. "Nyai, cik Bapa menta cai saeutik hayang nginum," saurna ka eta randa.

11

Sanggeus nyi randa ngaleos rek nyokot cai, ku Elias dicalukan deui, saurna, "Jeung rotina saeutik mah!"

12

Ari tembalna, "Demi PANGERAN Allah anu jumeneng, panutan Bapa, abdi teh balaka bae parantos teu gaduh tedaeun. Kantun tipung sakeupeul dina wadah, sareng minyak jetun sakeclak dina cecenting. Ieu suluh kenging ngarorotek di dieu teh kangge ngasakkeun eta anu saeutik, keur abdi sareng pun anak. Kantun sakitu-kituna. Seep eta mah kantun ngantos-ngantos ajal ku langlayeuseun."

13

"Ulah salempang," waler Elias. "Jig bae asakkeun eta dahareun teh. Mun geus asak, heulakeun sakeupeul mah ka dieu jang Bapa, engke kakara jang Nyai jeung budak.

14

Sabab kieu timbalan PANGERAN Allah Israil, ‘Eta tipung moal beak-beak dina wadahna, minyak moal saat-saat dina cecentingna, nepi ka engke, ana Kami geus nurunkeun deui hujan.’"

15

Randa teh balik, nyumponan pamundut Elias. Elias, nyi randa jeung anakna cukup dahareun lila pisan.

16

Sakumaha timbalan PANGERAN anu diucapkeun ku Elias, tipung henteu beak-beak, minyak henteu saat-saat.

17

Dina hiji mangsa anak nyi randa gering, beuki payah, beuki payah, tungtungna maot.

18

Nyi randa unjukan ka Elias, "Nun piwarangan Allah, ku naon abdi teh dikieu-kieu? Bapa sumping ka dieu teh naha supados Allah emuteun kana dosa abdi, dugi ka nyabut nyawa pun anak?"

19

"Bawa budakna ka dieu," waler Elias. Seug eta budak teh ku anjeunna dipayang tuluy dicandak ngunggahan tangga ka kamar anjeunna di loteng, lajeng digolerkeun dina enggon.

20

Geus kitu anjeunna neneda, tarik, "Nun PANGERAN Allah sim abdi, ku naon margina ieu randa anu parantos sakitu ihlasna kaanjrekan ku jisim abdi ku Gusti dicilakakeun, nyawa anakna ku Gusti dicabut?"

21

Geus kitu Elias nangkubkeun anjeun kana awak eta budak tilu kali, pok sasambat deui, "Nun PANGERAN Allah sim abdi, mugi-mugi rohna ieu budak sina wangsul deui kana jasadna!"

22

Panyambat Elias ku PANGERAN dimakbul, budak teh ngambekan deui, hirup deui.

23

Ti dinya eta budak teh ku Elias dicandak turun, diserenkeun ka indungna bari saurna, "Nyai, tuh budak teh hirup!"

24

Wangsulna, "Bapa teh saestuna piwarangan Allah. Sayaktosna pisan Bapa teh ngemban pangandika PANGERAN!"

Link: